
Satengah bulan deui ti ayeuna sakabeh bangsa Indonesa adeuk ngalangkungkeun hajatan gede di taun dua rebu salapan, nya eta PEMILU. *tapi abdi mah teu mimilu soalna teu acan gaduh izin nyoblos*
Persiapan kanggo ngagolkeun eta hajat, nya tangtu pisan bakal ngagolontorkeun rupiah anu nol-nolna nepi ka ngagorolong. Hehe…
Maksadna eta acis teh pasti bakal ‘diawur-awurkeun’ bahkan nepi ka kolong-kolong jambatan, kanggo kaperluan kampanye capres, caleg, jeung sajabana.
Cik geura tempoan di sakitar urang, di jalanan, di angkot, di tembok-tembok, di jero gang-gang, dimana bae weh asal aya jelema *sareng sato oge lah ya*
anu uninga didinya – sok aya iklan kampanye tiasa anu mangrupa selebaran, brosur, baliho, spanduk, poster jeung amplop *ups* disebarluaskeun ka tengah-tengah masyarakat. Yen eusina teh jiga nu heueuh we bisa menyejahterakeun rakyat, ngamakmurkeun rakyat, jeung… naon deui nya? Ah, anu pasti mah lolobana obral janji teh bombastis, teu realistis. Pasombong-sombong, sami siga iklan perang tarif nu sejen tea.

